oleh

Legenda Palabuhan Ratu Bagian (2) Pengasuh : Apih Yance (Berita MPI)

SUKABUMI,MPI – Di singasanana raja humandeuar. Diuk kitu, asa teu ngeunah. Diuk kieu, asa teu ngeunah. Bari nanggeuy gado oge, nambahan teu ngeunah. Haté anu guligah mangaruhan kana paromana jadi kisut, samutut bangkerut. Salila ieu haténa ngarasa hanjelu, boga anak awéwé ngan hiji-hijina, katut mikiran hayang boga anak lalaki. Anak lalaki bisa dijadikeun andelan pikeun panerus kalungguhan manéhna. Piraku raja Pajajaran awéwé. Asa kurang merenah kadéngéna ogé. Émang kungsi ngadéngé aya raja Majapahit awéwé, tapi keur Pajajaran mah asa kurang cocog, kurang merenah.
Raja Munding Wangi ngabayangkeun, nyawang yén kaayaan kahareupna Pajajaran bisa mingkin beurat. Ku kituna Pajajaran butuh raja gagah perkosa sakti mandraguna. Dipikagimir ku sasaha. Yakin lamun nyanghareupan kabéh hahalang bisa dibéréskeun bari jeung teu hésè. Boga pikiran kitu téh sabab karasa loba karajaan leutik anu baha, barontak ngalawan. Lamun anu jadi raja teu kuat, moal salah Pajajaran bisa runtuh.
Teu ngeunah dipikiran sorangan, raja Munding Wangi manggil opatanana patih Pajajaran anu garagah perkosa. Maksudna mah rék ménta bongbolongan kana kajuwet pikiranana. Sugan wé manggihan jalan anu hadé. Salila ieu mah éta opat patih téh sok méré bongbolongan anu hadé. Opat patih anu digero nyaéta Sanghyang Hawu, Konang Hapa, Batara Nanggana, jeung Batara Cengkar Buana. Opatanana datang bareng bari hariweusweus sabab bisi aya masalah beurat. Opatanana tapak deku bari nyembah tanda hormat. Sanggeus sembah hormatna ditarima ku raja, terus sila hareupeun raja anu diuk dina singasana. Sanggeus narik sapautan engapan, raja ngabudalkeun bangbaluh haténa.
Raja ngajak sawala babarengan jeung patih-patihna, sugan jeung sugan meunang kacindekan anu alus. Mingkin lila pikiran raja mingkin beurat. Teu bisa dilalaworakeun sabab bisa mangaruhan kana jalanna pamaréntahan. Sanggeus dipedar, ditepikeun sagala bangbaluh dina haténa, raja ngarasa henteu riged teuing. Émang mimitina mah aya anu teu panuju, tapi aya ogé anu ngarojong ngadukung. Rada hog-hag. Sawala téh rada haneut. Ngan tungtungna kabéh nyerahkeun ka raja. Sanggeus ngarénghap sababaraha kali, kaputusan raja boga niat kawin deui. Raja Munding Wangi ménta dipangmikirankeun, utamana keur pipamajikaneun anu alus.
Basa raja medar sagala bangbaluh haténa, permaésuri Intan Déwata ngadéngékeun. Barang nyaho yén salakina boga maksud arék kawin deui, haténa asa diduruk. Jajantung ratung. Awakna ngadadak leuleus taya tangan pangawasa. Awakna asa teu mimoga tulang. Di tukangeun panto pangsaréanana, permaésuri Intan Déwata ngalumbuk jiga anduk nambru. Manéhna maksakeun ngadéngékeun naon anu disawalakeun satuluyna. Tina juru matana merebey cipanon bari nginghak tapi ditahan.
“Saéna urang milarian karajaan anu sababad sareng Pajajaran. Margi Pajajaran ngagaduhan wiwaha anu sakitu ageungna. Kauntunganana seueur pisan, nyaéta tiasa ngalegaan kakawasaan. Kanggo paduka anu mulya raja Pajajaran mah tos waktosna. Lumrah ngalegaan kakawasaan ku cara nikah sareng putri ti karajaan séjén. Hapunten ieu mah mung saukur émutan kuring. Timbang taraju aya di paduka anu mulya”, ceuk patih Sanghyang Hawu.
“Kaharti. Tapi sok anu séjén heula tepikeun pamikiranana”.
“Tiasa ogé, milarian putra demang kanjeng paduka anu mulya. Kademangan sakitu seueurna. Piraku teu aya anu gaduh putra anu geulis? Janten seueur piliheun. Sareng upami sareng putra demang, moal tebih sareng hésé béléké teuing, tangtos pada atoh pami putrana badé dijantenkeun garwa raja”, ceuk patih Konang Hapa mah.
Raja Munding Wangi unggeuk.
“Ari di lingkungan karaton teu aya kitu? Asa seueur dayang gareulis? Kantun milihan
Mung panginten rada kagok ka paduka ratu. Biasana ngalayanan pék ieu janten maru. Tapi teu langkung pangjenengan paduka anu mulya”, patih Batara Nanggana Nambahan.
Raja Munding Wangi ngarénghap.
“Tiasa oge putra raja jajahan. Sahenteuna tiasa ngabendung ulah dugika barontak. Saupamina dijantenkeun garwa tangtos moal ngadambel masalah. Tiasa malik ngabantosan. Pajajaran gaduh karajaan anu kapungkur ditalukeun ku peperangan.
Sakaterang abdi, aya putra Raja Pangkung Ageung, namina Déwi Mutiara. Geulis kawanti-wanti. Punten pisan paduka, saurna seueur anu mikahoyong. Déwi Mutiara nolak waé. Boa upami ka paduka raja mah moal nolak. Geulis ieu mah abdi ogé uninga paduka. Abdi kantos tepang nuju harita narik upeti sataun kalangkung”, kitu ceuk patih Batara Cengkar Buwana anu katelahna Patih Terong Péot téa.
Raja Munding wangi ngahuleng. Sakapeung unggeuk-unggeukan sorangan. Jigana keur ngolah pikir supaya aya kacindekan anu hadé. Sanggeus nimbang-nimbang, tungtungna Déwi Mutiara anu dipilih. Raja nyatujuan usul ti patih Batara Cengkar Buana.
“Sanggeus dibeuweung diutahkeun, kuring mutuskeun milih Déwi Mutiara. Kukituna ka patih Batara Cengkar Buwana, buburu siapkeun sagala anu diperlukeun. Kuring embung aya carita éta Déwi Mutiara nolak jiga ka anu séjén”, ceuk raja Munding Wangi nandeskeun. Opat patih bareng nyembah bari jeung nyanggupan.
Raja ngabeuratkeun ka patih Batara Cengkar Buwana anu indit ka Pangkung Ageung. Sanggeus meunang kacindekan, raja Munding Wangi ngarasa bungangang. Haténa asa ngemplong. Sahenteuna boga harepan miboga anak lalaki gagah perkosa keur panerus kalungguhanana, jadi Raja Pajajaran anu bakal kasorang.
Keur bebekelan indit ka Pangkung Ageung, diisiapkeun babawaan anu arahéng salian ti baju aralus, kadaharan ngareunah, buah-buahan oge ingon-ingon, teu katinggaleun emas berlian.
Ratu Intan Déwata ngadéngékeun ti mimiti nepika tungtungna. Barang anakna, nyaéta Déwi Kadita asup ka pangsaréanana, sagala anu kadéngé dina sawala raja jeung para patihna, ditepikeun. Déwi Kadita sedih ngadéngéna, utamana nempo anu jadi indung haténa digerihan tur bakal nyanghareupan katunggaraan poé-poé kahareupna.

( Hanca )

Berita Viral Hari Ini >>

Reporter : Sopandi
Editor : Hamdanil Asykar

Video Artis Indonesia dan video lainnya

Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

News Feed